Sasakala Gunung Geulis



Jaman baheula di hiji pangtapaan Gunung Patuha, aya pandita anu gentur tur kakoncara. Sakti mandraguna taya tandinganana. Eta pandita teh boga anak hiji putri geulis, putri nunggal . Tabeatna estu soleh kacida. Sagala papatah nu jadi kolotna taya hiji ge nupungpang. Nincak umur sawawa adatna angger teu robah. Angger pikareseupeun batur, kayungyun. Eukeur mah geulis, katambah disipuh ku budi paragi anu hade, atuh matak pikareseupeun batur.
Ramana Nyi Mojang apaleun kumaha tabeat nu jadi anakna. Lain teu hayang buru-buru rumah tangga, ngan tepi ka kiwari can aya jodo pikeun anakna. Nya hiji mangsa mah memeh indit cara sasari, ramana Nyi Mojang teh ngageroan nu jadi anakna.
"Nyai Geulis anak ama, cik kadieu heula sakedap. Aya nu rek diomongkeun ka hidep, " ceuk ki Pandita.
Soloyong Nyi Mojang nepungan nujadi ramana. Bari tuluy ngomong ," Mana ay pikersaeun naon ? Abdi mahari disauran ku Ama teh sok asa rareuwas. Sok bilih abdi ngalampahkeun kalakuan nu teu parok sareng nu sanes, " ceuk Nyi Mojang.
"Tong reuwas geulis, hidep mah estu taya kasalahan nanaon. Ngan ama teh aya nu hayang ditanyakeun ka hidep.Kitu ge ama teh hayang jawaban nu jujur ti hidep. Tah kieu Geulis, naha hidep teu hayang buru-buru rumah tangga ? " Naha geus aya pamuda nu cop jeung lelembutan hidep ?", ceuk Ki Pandita ka anakna.
Ama mah moal maksa hidep kudu buru-buru rumah tangga. Tah ayeuna Ama rek indit ninggalkeun hidep.Pastina mah rada lila oge.Kade sing iatna di imahnya. Ulah ngasupkeun jalma nu matak nyilakakeun ka diri hidep", ceuk Ki Pandita deui.
"Mangga, ku abdi sagala piwurukAma dietoskeun pisan", walon Nyi Mojang.
Dina hiji mangsa teh datang nu jajaluk. Hiji aki-aki , awakna rangkebong alatan nahan lapar. Leumpangna rumanggieung, sirahna lilinieun, huntuna kemong. Panona bolotot nolol, kulitna parareot.Eta teh ki Pandita anu keur nyamar jadi jajaluk.
"Sampurasun Nyai! Naha keur aya di ima ?!", ceuk nu jajluk.
"Rampes aki. Mangga linggih ka lebet!" ,walon Nyi Mojang.
"Geulis, wios aki mah di lar we. Kapan hidep teh nyorangan. Bisi aya cariosan nu mitnah ka hidep.
 "Ieu aki mere keris keur hidep,gunana pikeun ngajaga diri, ngan omat ieu keris teh ulah jauh ti diri hidep, sarta teu meunang ditunda dina lahunan, lantaran bakal aya kajadian nu bakal tumuba. Omatnya geulis tengetkeun ucapan aki."
Dina hiji mangsa, Nyi mojang geus diangir. Bati moyan nuhurkrun buuk, manehna neukteukan kuku. Abong manusa sok keuna ku poho, keris teh ku manehna ditunda dina lahunanana.Ari barang inget, manehna ngaranjung,reuwas kacida, ngarasa kaduhung geus ngalanggar kana amanatna Ki Pandita. Ngan les wae keris nu aya dina lahunanana ngaleungit, teuing ka mana leosna.
Tujuh bulan ti harita, ti saprak Nyi Mojang kaleungitan keris tea, manehna teu weleh dikungkung ku kabingung. Lantaran jol-jol kakandungan teu pupuguh,bari jeung teu rumasa kungsi ngalakukeun pagawean anu nirca mengpar tina papagon agamajeung kapercayaana. Waktu ramana datang ka pangtapaan, kacida ngambekna. Daisangkana anakna tehgeus ngalakukeun nu nirca, mengpar tina papagon agama jeung kapercayaana. Nyi Mojang susumpahann , yen manehna teu ngalakukeun eta pagawean.Malahan manehna menta bukti, lamun Nyi Mojang masih keneh suci, ku jalan kudu bisa mindahkeun tujuh pasir dina sapoe sapeuting.
Dina kaayaan bubureuyeungan Nyi Mojang gancang ngamimitian digawe. Teu kungsi lila, kadenge soraatra pisan. "Ibu, tong janten emutan teuing, kasesah ibu nya kasesah abdi. Nya alatan abdi pisan, Ibu janten nandangan tunggara. Wios ieu padamelan teh urang rengsekeun ku abdi". Eta sora teh tetela kaluar tina jero beutuengna.
Sabada nyarita kitu, teu karasa kerelek we Nyi Mojang teh heuay. Panonna ngarasa tunduh kacida. Les we kasarean. Subuh-subuh kakara panonna bisa dibeuntakeun.
Aneh pisan, tujuh pasir nu galede teh dina waktu sapeuting geus bisa dipindahkeun. Taneuhna ngagugunung ngajanggelek jadi hiji gunug nu gede kacida.
Sanggeus pagaweana beres, Nyi Mojang mulang arek nepungan ramana di pangtapaan. Ahirna ramana teh percaya yen anakna heunteu ngalakukeun pagawean nu nirca, mengpar tina papagon agama jeung kapercayaana.Ramana ngahampura kana sagala kasalahan nu jadi anakna. Ngan anehna sabada dihampura ku ramana, kandungan Nyi Mojang ge ngaleungit, sarta robah deui jadi keris eluk tujuh deui.
Lantaran Nyi Mojang bisa ngarengsekeun pagaweanana jeung ngabuktikeun kasuciana. Ku masarakat di dinya, tujuh pasir nu dipindahkeun jadi gunung teh, dingaranan Gunung Geulis. Kusabab Nyi Mojang tea kawentar ku kageulisanana.

# Yat Sdy
# Lilis NR

Dian Budiarti

Hello, I'm Dian and I'm is Casual style lovers.

6 komentar:

Play on

Instagram